PUPUH I ASMARANDANA //Kasmaran panganggitgending / Basa Sunda lumayanan / Kasar sakalangkung awon / Kirang tindak tatakrama /Ngarang kirang panalar / Ngan bawining tina maksud / Medarkeun pusaka rama// //Rama jumeneng bupati / Di Panjalu nagarana / Lamina jeneng bupatos / Ngan dua puluh dalapan / Tahun nyepeng Bupatya / Dugi sewu dlapan ratus …
